Forum Tukang Bala-bala Sa-alam Dunya

agus geisha
Karya agus geisha Kategori Cerpen/Novel
dipublikasikan 11 November 2016
Forum Tukang Bala-bala Sa-alam Dunya

Tukang bala-bala sa-alam dunya geunjleung, ari nu jadi cukang palantaranna nyaéta surat édaran ti Mister Maxoem Hanama nu ngajabat SÉKJÉN PBB di Jenéwa. Surat Mister Maxoem nyebutkeun, yén bala-bala téh kadaharan nu teu séhat tur nimbulkeun panyakit nu hésé diubaran. Panyakit anyar nu tisataun katukang geus narajang saparapat masyarakat dunya. Timimiti budak orok beureum dugi ka aki jeung nini nu geus teu waosan. Timimiti masyarakat nagara Afrika dugikeun ka masyarakat di Amerika. Ieu panyakit tétéla can aya ubarnna. Unggal jalma nu katarajang ieu panyakit, kulitna hinyai siga nu kabanjur minyak jalantah, beuki lila, kulit nu siga dipulas minyak jalantah teh lé’éh, caroplokan tina daging.

Di pasisian lembur nu katelahna lembur bala-bala alabatan ti lembru éta ampir sakabéh lalakina tukang bala-bala, Mang Romod jeung Mang Modok keur silih upahan manéh.

“Nu teu ngarti na téh, naha beur bala-bala nu dituding ngalantarankeun éta panyakit. Saumur-umur kuring dagang bala-bala, can kungsi manggih aya nu panyakitan modél kitu.” Ceuk Mang Modok ka baturna nu tatadi ngan niupan waé kopi gawéna téh.

“Jeung beut naha, maké jeung PBB milu ngurus-ngurus urusan bala-bala? PBB mah ngurus perdaméan di timur tengah weh, ngurus nu kalaparan, ngurus sagala rupa hal nu perlu. Urusan bala-bala mah keun baé jadi urusan tukang bala-bala. Da moal enya bala-bala mawa pangaruh nu kitu gedéna keur populasi masyarakat dunya kahareupna. Boa sekjén PBB baheulana teu beuki bala-bala?.” Ceuk Mang Romod bari nyuruput ci kopi.

“Sékjén PBB mah meureun kahakanan na ogé lain bala-bala meureun? Atawa kungsi kitu sakali atawa dua kali waé mah?” Ceuk Mang Modok.

“Nyaho teuing.”

Silih tiup ci kopina séwang-séwangan, teu katempo kuduanana, torojol Mang Mi’in ti belah tonggoh. Mamawa amplop warna coklat nu geus dibuka.

“Keur naraon yeuh tukang bala-bala? Teu ngalideur kituh? Geus baleunghar meureun nyah?” Ceuk Mang Mi’in. Gek diuk tuluy ninyuh kopi teu dimanggakeun.

Mang Modok jeung sobatna silih pelong, reuwas, naha ti mana datangna Mang Mi’in. Jeung bari deur ninyuh kopi.

“Ih, naha beut silih pelong ditanya téh. Kausap guriang boa.” Ceuk Mang Mi’in baro ngocékeun ci kopi.

“Cik sugan Mang Mi’in aya béja. Cik béjaan kami atuh.” Ceuk Mang Modok.

“Heu’euh iyeuh, sugan Mang Mi’in mah aya iber.” Deuih ceuk Mang Romod.

“Naon téa ieu téh?” Ceuk Mang Mo’in bari nyuruput kopina.

“Sok api-api teu apal ari Mang Mi’in. Ieu teh ngeunaan sékjén PBB téa nu nyebutkeun yén bala-bala téh kadaharan teu séhat tur nimbulkeun panyakit.”

“Sidik kuring kadieu téh pédah éta. Ieu amplop kiriman ti Forum Tukang Bala-bala Sa-alam Dunya di Den Haag. Kuring jeung hiji wakil ti lebur bala-bala di            ondang datang ka Den Haag keur milu madungdengkeun nasib tukang bala-bala sanggeus medalna surat édaran Maxoem Hanama. Tah, cik diantara Mang Romod jeung Mang Modok saha nu daék milu? Ongkos jeung bekel mah ké urang udunan jeung batur nu lain.”

***

Saminggu ti harita, sanggeus obrolan saacanna, Mang Miin jeung Mang Romod jung arindit ka Den Haag. Mekel timbel jeung asin peda, lalab jeung sambel tarasi. Pakéan saransel leutik. Da moal lila ceunah, teu jauh iyeuh deuih. Di Den Haag, duanana dijadwalkeun milu rapat akbar tukang bala-bala, ngarespon surat édaran ti Maxoem Hanama nu nyebutkeun yén bala-bala téh kadaharan teu séhat tur mawa panyakit.

Rapat akbar Forum Tukang Bala-bala Sa-alam Dunya diayakeun di hiji gedong anggréng, nu daratang lain jalma samanéa. Mentri-mentri nu ngawakilan nagara tatangga, duta tukang bala-bala unggal nagara, pimpinan organisasi tukang bala-bala unggal benua. Kabéh daratang. Marawa bala-bala.

“drok...drok...drok..” Pamingpin rapat nakolkeun palu rapat, nétélakeun yén rapat bakal dimimitian.

“Plis...plis epribadi. Ieu rapat rék dimimitan, para hadirin disuhunkeun tos tong baraceo sorang-sorangan waé. Aing rék nyacapék.” Ceunah ceuk pamingpin rapat nu bahasa sundana diajar kénéh. Kutan kitu kaayaannana lamun rapat ngabahas ngeunaan kadaharan nu asalna ti tatar sunda. Kabeh nu milu rapat maké bahasa sunda salila rapat. Geus réngsé mah, deur wéh maraké deui bahasa nagarana masing-masing.

“Salila ieu, bala-bala geus jadi kadaharan basajan urang dunya. Bahan na bortol, engkol jeung tarigu. Make bungbu kumaha karesep. Geus mangpuluh-puluh taun, bala-bala jadi duta kadaharan bangsa sunda. Naha beut poé ieu Maxoem, si orowodol medalkeun surat édaran nu nyebutkeun yén bala-bala kadaharan nu mawa panyakit. Hasil panalungtikan tim indepénden nu di luluguan ku John F Khanafi, Duta Bala-bala ti Kanada nétélakeun yén sabenerna Maxoem téh baheulana tukang bala-bala.” Para hadirin reang, silih haréwos, héran jeung bingung. Moal enya, Maxoem téh baheulana tukang bala-bala, mun enya téa téh, beut naha ayeuna tega nyeubut yén bala-bala kadaharan mawa panyakit.

“Drok...drok...drok.” Palu ditakolkeun deui. “Gandéng, gandéng.” Ceunah ceuk pamingpin rapat.

“Ceuk sim kuring, ieu Maxoem bisa jadi dengdam, lantaran manéhna gagal jadi tukang bala-bala saumur hirup. Urang saréréa apal, jadi tukang bala-bala nyatana hiji profési nu mulia.” Ceuk Benjamin duta bala-bala ti Amérika.

“Bisa jadi geus aya nu mangaruhan Maxoem, jalma nu sirik ka tukang bala-bala. Meureun pamajikanna, atawa barudakna. Geus lain rusiah deui, barudak Maxoem teu beuki pisan kanu bala-bala.” Ceuk nu séjén.

“wangwéngwong wangwéngwong” Ceuk nu séjén na deui.

“Bulakatuk bulakatak bulakatuk bulakatak.” Ceuk nu lain.

“Urahayu urahayu urahayu.” Réang nu manuk. Sawaréh malah patorong-torong. Ceuk aing kieu, ceu aing kitu. Pakuat-kuat impleungan.

Pamingpin rapat hé’és na korsina. Tukang bala-bala silih baledog ku tarigu.

***

Di Jenéwa, Maxoem hanama tuang leu’eut diréncangan ku istri sapalaputra. Niupan ci kopi bari ucang anggé. Dilancingan sontog satu’ur, bala-bala di mejana haneut kénéh.

  • view 209

  • Anis 
    Anis 
    10 bulan yang lalu.
    wew. thumbnailnya gak kuaaat.
    mahamin tulisannya, apalagi

    • Lihat 5 Respon